Assalamua’laikum
Wr.Wb
Ibu
Guru nu ku simkuring dipihormat sareng siswa kelas 9A nu ku simkuring dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng syukur ka Alah SWT,nu
parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu
acara. Simkuring dina ieu acara bade nerangkeun “ CARA NGAJAGA KASEHATAN “ .
Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Janten, urang
sadaya kedah atawa wajib ngajaga kabersihan lingkungan sareng raga nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga
kasehatan tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola
hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor .Urang
kudu mika cinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Cara ngajaga raga supados teu kasumpingan panyakit
,nyaeta, urang kudu ngajaga kabersihan tempat anu ku urang dicicingan, sapertos
di bumi, sakola, sareng lingkungan di sabudeureun. Urang ge kudu pulah pilih
kana jajanan, ulah meuli jajanan anu di dagangkeun di sisi jalan, sabab kadaharan anu di jual na teh geus kakebulan ku
keukeubul, sarta ulah jajan kadaharan nu ngandung bahan pangawet jeung
kadaharan anu make macem-macem
warna. Urang oge kudu olahraga anu
mayeng.
Rupina sakitu
nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih
aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna. Mudah mudahan tiasa
mangfaat ka sadayana.
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamua’laikum Wr.
Wb.
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamua’laikum Wr. Wb.
wahhh
BalasHapuswahhh
BalasHapus